Jam Kerja
Senin – Sabtu, 08.00 – 16.00
HUBUNGI KAMI
VIA WHATSAPP

Katineung Kuring

Catalogue » Agama & Psikologi » Katineung Kuring

Katineung Kuring

125000

Description

Katineung Kuring

Penulis: Thomas Maman Suharman, OSC

Penerbit: CV Balatin Putera Puteri

Ukuran Buku: 14,8 x 21  cm

Tebal Buku: 242 halaman

 

Sinopsis

“Eusina munel ku harti mopolah urusan doa anu jadi saripati hirup manusa tur dianggap salah sahiji pondasi laku agama. Dina palebah basa, asa ku genah dibaca ku sepuh anu di lembur, nonoman anu di kota; asa ku genah cumarita urusan anu rohaka nganggo basa Sunda anu basajan. Kautamaan doa anu luyu jeung ajaran garéja Katolik dipedar dibejerbeaskeun nganggo cara kolot baheula sumujud di payuneun Pangéran Sang Widi Wasa. Kanggo anu ngagungkeun tata cara sareng upacara agama langkung ti hakékat, moal boa ngahéab asa dirérab. Namung upami ditalungtik ku kaweningan ati sarta dibaca ku rasa sumarah, moal henteu kapendak sareng kaluhungan anu dipimaksad ku jinisna. Sebuah pendekatan dogmatik yang menarik dan otentik.”

(Prof. Pius Suratman Kartasasmita, Ph.D Guru Besar Administrasi Publik Universitas Katolik Parahyangan).

 

“Pastor Thomas Maman Suharman OSC., Pastor Yusup Gandi OSC. (alm.), sareng Pastor YC. Abukasman OSC. (alm.) téh angkatan ADS kahiji anu janten imam biarawan Ordo Salib Suci (OSC). Malah mah Pastor Maman sareng alm. Pastor Agus Rachmat OSC. (alm.) téh janten generasi panungtungan lulusan SD nu naratas jalan panggilan imamatna di Seminari Kecil, Cadas Hikmat.

Buku ieu kalintang “raos sareng peryogi diaos”. Disebat raos diaos kumargi teu tebih ti pangalaman urang saréréa. Disebat peryogi kumargi ngeunaan iman urang sadaya ka Gusti. Sajaba ti éta, buku ieu tiasa ngahudangkeun inspirasi utamina ka nonoman anu kataji nyonto tuladan Pastor Maman dina panggilan imamatna.”

(Drs. Antonius Hadisoepadma, M.M., Dosen Fakultas Ekonomi dan Fakultas Filsafat Universitas Parahyangan).

 

“Buku ieu numutkeun simkuring hadé pisan diaos ogé ku umat Islam, hususna di Priangan. Eusina ngebéjérbéaskeun kumaha pamadegan umat Kristiani dina, utamana, ngeunaan pribadi Yésus Kristus ku Anjeun miturut kayakinanna, nu ngabédakeun tina pamadegan umat Islam ngeunaan pribadi Nabi Isa ku anjeun.”

(Ojel S.Y., novelis, tukang nulis)