Jam Kerja
Senin – Sabtu, 08.00 – 16.00
HUBUNGI KAMI
VIA WHATSAPP

Lokatmala: Kumpulan Sajak Sunda

Catalogue » Edukasi » Lokatmala: Kumpulan Sajak Sunda

Lokatmala: Kumpulan Sajak Sunda

55000

Description

Lokatmala: Kumpulan Sajak Sunda

Penulis: Nita Widiati Éfsa

Penerbit: CV Balatin Putera Puteri

Ukuran Buku: 13 x 19 cm

Tebal Buku: 104 halaman

Sinopsis:

Dina widang sajak mah Nita téh kaasup panyajak anu nulis dina dua basa: basa Sunda jeung basa Indonésia. Sajak-sajakna nu maké basa Indonésia kawasna leuwih ti heula dipublikasikeun. Minangka wanoja panyajak, di lingkungan sastra Indonésia, Nita tangtu loba baturna; tapi di lingkungan sastra Sunda mah baturna téh pohana kurangna. Tapi, sok sanajan saeutik wanoja panyajak Sunda mah émbongkeun ketak anu hadé. Buktina, aya tiluan nu geus tinekanan narima Hadiah Sastra Rancagé, nyaéta Étti R.S., Diyah Padmini, jeung Chyé Rétti Isnéndés. Malah Étti R.S. mah geus tilu kali meunang hadiah Rancagé-na ogé, dua kali keur widang karya jeung sakali keur widang jasa. 

Dina sajak “Tepung di Ngempur Layung” jangji jeung jalir dipapandékeun jeung siklus panonpoé anu ngalantarankeun ayana beurang jeung peuting, caang jeung peteng, nu salawasna selang sekar, patutur-tutur. Taya nada ngarasula, tapi henteu dianggap datar deuih. Dina “Tepang Mangsa Layung Surup” digambarkeun kuatna duriat antara “kuring” jeung “anjeun” anu nganteng sakitu lilana nepi ka duanana tepung deui sanggeus pada-pada kolot. Duanana teu kungsi betus, malah kalayan sadrah nu jadi subyék nandeskeun pilihanana. Pajarkeun téh “Urang sidem di kuburan rasa tanpa tetengger”. Dina “Ciumbuleuit  tina Catetan” aya rasa kuciwa anu karandapan ku “kuring” ka anjeun, tapi dina ieu sajak ogé henteu kungsi ditembrakkeun deuih. Nu antukna, sagalana robah jadi panineungan. Dina “Surat Cinta ti Palabuan Ratu” digambarkeun kumaha balotahna rasa tresna nu nogéncang, diwujudkeun dina legénda Palabuan Ratu: Putri Cawéni, si “mojang kapas”nu sapanjang hirupna dipaké nganti perhatian “matapoé”.